Hosting Gratis

Senin, 17 Desember 2012

PEPELING PANG GEUING KURING

"GERA SADARIA"

hayu urang saradia
mengpeng keur hirup dinunya
'amal keur sampereun tea
diakhir moal sulaya

geuning maot ngadodoho
boro sok dipoho-poho
datangna teu merenyaho
ngagertak taya tempo

taya beurang taya peuting
taya raja taya kuring
dimana ajal geus sumping
temeunang tempo anaking

horeng nyawa rejeung badan
nugeus lila babarengan 
datang mangsa pipisahan 
paturay tineung amitan

lain meureun lain sugan
da ieumah kanyataan 
kabeh pasti ngarandapan
geuning awak urang pisan

kaget reuwas mata mencrong
renghap ranjug menggah bengong
nafas ngangsreg na genggerong
nu deket geus tekatembong

horeng ieuteh sakarat
dicabut ku malaikat
nyawa ngangsreg mapay urat
teaya daya keur lumpat

ku renghap nu panganggeusan
pegat sakabeh harepan
ngabengkang taya dayaan
rek kumaha pangharepan

boro mah ker suka bungah
ngatur nafsu seuri bungah
beak tempo kudu pindah
nyamperkeun ka alam barzah

geus waktu ninggalken lembur
menuju ka alam kubur
meungang ngali ges diukur
mahi keur awak sakujur

rek naon anu dibawa
duit tawa sawah lega
menang ngumpul-ngumpul tea 
belaan nipu pasea

meungan tisuk-sruk ti dung-dung
nu sok dipake adigung
kana solat matak liwung
waktuna zakat mah embung

ibadah kateler-telar
nepi ka nyanghulu ngaler
lapur badan enggeus komper
ditengah imah ngagoler

ngajelepeng diruruban
diriung ditarungguan
lagadar datang pasaran
montong lila sosonoan

nungariung cingkir miris
nyaah ge bati nglengis
geumper pacampur jeung waas
syetan mah bati mupuas

harta anu ngunung-ngunung
pakean duit satangtung
ngan masih boes asiwung
ditambah kai keur padung

lawang amal geus titutup
hanjakal keur waktu hirup
talangke bet heunteu sanggup
padahal waktu mah cukup

paingan Rosul ngelingan
dunyaa mah pangumbaraan
naha bet kamalinaan
tongge heunte  nyubadanan

ati ceurik pikir liwung
imah tiiseun jeung suwung
ngan anak yatim buraung
ting garisik ting rariung

abong poe pangganggeusan
mana bereh rek amitan
ken imah ken pakarangan
gewatken logak ngantosan

pasaran mendung dipayung
tiluhur dirurub rarung
nungiringna semu nguyung
nangkep dada ting kuyungkung

ngaleut ngengkey ngabandaleut
beki deukeut- beki deukeut
beki deukeut- beki deukeut
kana logak rupek heureut

duh geuning enggeus nyangkorah
rup kupadung rup kulemah
poek rupek jeung tegenah
ngarumas .....

ahli sobat kawawuhan
te tolih gancang bubaran
duh saha nurek maturan
gesan cicing babarengan

mana sobat mana dulur
gening buriak kalembur
hente maturan di kubur
sumawon nambahan umur

oge harta banda kuring
nudipuhit beurang peuting
cik mana nurek ngadekeng
gening geus kieumah kuring

hanjakal aduh hanjakal
ke gewat sadia amal
padahal geuning padahal
ngan amal nujadi bekel

hanjakal nurut ka embung
ngan harta nu digugulung
atawa ngangur cinutun
ayeuna geuning kaduhung

naon ker pangnyinglar sedih
nahan kucimata getih
tawa bangkiang jeung kelih
hartamah gening te lolih

engges montong rek sasambat
teguna enggeus kaliwat
bongan bareto te to'at
tekurang nu nganasehat

tong hantem hahanjakalan
pan tekurang nu ngelingan
pek tunggu jawab sorangan
geura jawab pariksaan

pangemutan parantosan
mangga geura lalenyepan
sugan sinareng jeung sugan
ngajadi kamaslahatan

kumaca ieu pepeling
muga singjadi pepeling
da gusti anu ngajaring
siang jeung wengi diaping.

post by :mangtaryana







0 komentar:

Posting Komentar